Beli Kodom Sutra

Pidato bahasa sunda tentang pendidikan

Assalamu’alaikum Wr. Wb.Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya’i walmursalin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du.

   
 Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu dipikahormat ku sim kuring, sareng rerencangan sadaya anu dipikacinta ku sim kuring.  
Langkung tipayun, hayu urang sasarengan manjatkeun rasa syukur ka Allah SWT kulantaran ni’mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu. Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal ‘alamin.    
Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan “ Wajib Belajar Pendidikan Dasar “.    
Sapertos anu ku urang terang, Pamarentah Indonesia entos ngagratiskeun biaya pendidikan dasar salapan taun, nyaeta ti tingkat SD nepi ka SMP. Hal ieu teh dikasangtukangan ku kayaan ekonomi unggal jalmi masarakat Indonesia anu beda-beda. Aya masarakat anu mampu, aya oge masarakat anu kirang mampu. Masarakat anu mampu mah geus tangtu bakal sakola kusabab ayana biaya. Iwal, seueur pisan masarakat Indonesia anu kirang mampu teu tiasa sakola kusabab teu aya biayana. Pamarentah hoyong sadaya masarakat Indonesia tiasa menangkeun pendidikan anu layak, boh anu mampu boh anu kirang mampu.    
Tujuan pangna Pamarentah ngawajibkeun ka sadaya warga nagara teh nyaeta sangkan warga nagara palinter. Bangsa bakal sejahtera mun masarakatna palinter. Lamun masarakat Indonesia barodo, bangsa Indonesia moal bisa ngudag kamajuan nagara sejen jeung bakal kalindes ku kamajuan jaman.   
 Diharepkeun dina diayakeunna program wajar dikdas salapan taun, masarakat Indonesia tiasa lebih maju, utamana dina widang pendidikan. Ieu program pamarentah moal tiasa kalaksanakeun upami teu aya gawe bareng ti sadaya lapisan masarakat, ti kawit pejabat dugi ka sadaya rahayat Indonesia. Ku kituna, urang sadaya kudu gawe bareng ngalaksanakeun program ieu sangkan menang hasil anu nyugemakeun.      Sakitu anu tiasa didugikeun ku sim kuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan nu teu merenah kanu manah. Hatur nuhun kanu sadaya perhatosannana.

Akhirul kalam, Wabillahitaufik walhidayahWassalamu’alaikum Wr. Wb.

0 Response to "Pidato bahasa sunda tentang pendidikan"